LALANGSÈ
LALANGS È karya : Neneng R.A Wanci teu karasa nyèrèlèk Muru waktu anu tangtu Sadami demi sadami dilakonan Anjeun tetep nembongan Kalangkang anjeun aya dina paneuteup Sora anjeun aya dina pangrungu Rasa ka anjeun aya dina r è nghapan Tapi...jirim anjeun lain nu kuring Raga anjeun tilem tina paneuteup Sora anjeun marengan pangrungu Asih ka anjeun keukeuh nyaliara dina rasa Sagemblengna...jadi panineungan Salawasna jadi lalangs è Dina kahirupan kuring Rasa nu teu wel è h ngancik Nyaliara dina diri.... Kudu Kasaha kuring tumanya......? edpost (bgs)