Laporan Lalampahan.

 SULING  SILUNG
Ku : Nènèng R. Agustini

      

Kuring nganiatan  miang ti imah anu  maksudna rèk meuli suling keur tatahar acara paturay tineung di sakola. Meungpeung aya waktu salsè. Dibarengan ku Pa Doddy da mèmang ogè anjeunna anu meredih hayang meuli suling, pedah nu aya di sakola geus sarilung cenah.
Dibarengan ogè ku nu jadi salaki da nganggo mobil anjeunna. Alhamdulillah, sok kersa  nganganter sanajan kudu nyontang waktu rinèh anjeunna lantaran lain urusan kulawarga deuih. Cohagna urusan di sakola tempat pagawèan kuring.
Meuli suling tèh rèk langsung ka tempat nu nyieunna, nyaeta Bapa Toto Suling, Jalan Padasuka, Gang Babakan Cihapit I, Nomer 6A, Pasir Layung Bandung. Cenah dumukna tèh caket Saung Udjo. Alamat ku kuring langsung diketik dina waze, tapi teu mèrè waè lokasi, dicobaan sababaraha kali, angger waè. Antukna nyobaan  makè google maps. Cring teh aya.
Mobil laju luyu jeung nu dituju, malah Saung Udjo gè geus kaliwat. Google terus mèrè nyaho lokasi-lokasi nu rèk dituju, mingkin jauh...naha teu nepi waè. Google mèrè nyaho yèn lokasi nu dituju kurang leuwih 500 mèter deui, tapi naha ieu jalan tèh beut ngajak ka sampalan. Jalan nu alus geus teu timu, kalah jiga susukan saat, jiga jalan jajahan nu ngan asup samobileun. Jalanna geus mimiti leueur da taneuh campur batu nu teu rata, jaba barolong, katambah nanjak deuih, kènca - katuhueun gawir. "beu salah boa!" Ceuk pikir. Tapi google maps teu mèrè isarah yèn jalan tèh salah. Pa Doddy turun rèk ningali kondisi jalan. Hatè geus degdegan. "Gusti mugia disalametkeun," kuring mènta  turun tina mobil. Rarasan teh asa tisolèdat nurutan ban mobil, tapi bapana barudak nyarèk. Antukna babacaan sabisa-bisa. Posisi mobil moal bisa maju deui, jalanna kacida tarahalna. Jigana mah tara kasaba ku mobil, ari lain nu nyasab mah.
Lalaunan mobil mundur, bari jeung teu lempeng deuih. Kuring terus babacaan hayang salamet. Geuningan mobil tèh aya di gawir nu lungkawing. Sihorèng aya di Pasir geuning, anu sakurilingna dipelakan tangkal bako dina unggal sèngkèdan.  Jadi inget kana judul buku karangan Ki Umbara "Maju Jurang Mundur Jungkrang".
Alhamdulillah, bari jeung mundur ogè, manggih deui jalan batu keusik. Di nu pèngkolan sanajan heureut, lalaunan mobil teh saeutik-saeutik dipungkal-pèngkol sangkan jadi malik ka hareup. Sport jantung deui waè, da mun teu tapis mah duka teuing.
Alhamdulillah, gusti Alloh SWT masih nangtayungan. Mobil laju deui, kuring geus kumpul deui pangacian. Beung wè google maps mah teu diturut deui, dipareuman da sidik salah mèrè jalan. Ari google maps mah teu nempo kondisi jalan da meureun nempo lokasina dumasar hasil laporan  satelit ti luhur  di awang-awang, teu nyahoeun yèn lokasi di handap mah jurang.
Ah, rèk nanya jelema wè ayeuna mah. Nepi ka lembur langsung nanyakeun nu jadi jejer nèangan nu ngaranna Pa Toto Suling. Lebeng teu apaleun. Nanya ka sababaraha urang angger teu apaleun. Antukna mah nanya tèh alamatna. Beu sihorèng èta lembur tèh geus jauh ti nu dituju, anu mangrupa gawir tèh geuningan  ngaranna tèh Babakan Gedè Pasir Luhur. Ari nyebut Babakan Cihapit mah pada nuduhkeun, caket Saung Udjo cenah.
Sanepina  ka Saung Udjo, bingung deui waè da heureut jalanna teu aya keur parkir. Tungtungna mah mobil diasupkeun waè ka palataran parkir Saung Udjo, makè karcis parkir jiga nu rek lalajo hèhè...
Ah, sacèrèwelèna wè walèh ka satpam yèn kuring saparakanca mah lain rèk nongton, tapi rèk nèangan Pa Toto Suling. Alhamdulillah, Satpamna somèah, jeung apaleun deuih padumukan Pa Toto nu sok nyieunan  suling tèh. Satutasna ngadèngè caritaan satpam mah, kuring inisiatip wè rèk badarat waè, da cenah asup gang anu heureut teu asup mobil. Kuring jeung Pa Doddy nu geus puguh nu butuhna miang ka bumina Pa Toto. Dupir mah sina nungguan mobil wè. 🤭
Kuring jeung Pa Doddy kaluar ti palataran parkir Saung Udjo, leumpang laju ka kulonkeun bari macaan ciri sakumaha panuduh satpam tèa. Beu, enya wè geuning gang leutik bari suklak-sikluk, kumaha wè imah pribumi nu aya di kota dina umumna jigana tèh. Sanggeus tunyu-tanya kurang leuwih 10 menit geus nepi ka nu dituju, aya lalaki tengah tuwuh kurang leuwih umurna kana 60 taunan mah keur anteng ngagular-gilir awi tamiang, dibarengan ku sababaraha urang nonoman, sarua deuih keur nyepeng suling.
Sanggeus uluk salam prung ngalèr-ngidul basa-basi, bari teu poho nyaritakeun lalampahan nyasab. Pa Toto ukur gumujeng. Tina goloyohna katingali senimanna. Pa Doddy pesen suling nu dipikabutuh. lamun dititènan lobana suling nu keur diropèa moal leuwih ti 100 siki. Kuring nanya, "Naha sakitu dipabrikna suling tèh ngan saeutik".
Pa Toto ngawaler, "Ayeuna mah pesenan ngan ukur ti sakola-sakola seni hungkul, terus bahan keur sulingna nyaèta awi tamiang hèsè dipesenkeunana, sabab di leuweung-leuweungna geus jarang aya". Sababaraha sababna,  diantarana awi tamiang di lembur sok dijadikeun tuturus keur pelak kacang, leuweungna diduruk dipakè keur lahan pertanian, kualitas awi tamiang geus hèsè anu bisa dipakè keur bahan nu alus, komo awi hoè anu keur suliwer mah. Jenisna awi hoè cacing, pesenna gè kudu ka pelabuhan di Cirebon, anu asal hoèna ti Kalimantan.
Leuh, teu gampang geuning, padahal harga suling mah teu mahal ngan 25.ooo rupia. Ceuk babasanna tèa mah "Hirup teu neut paèh teu hos". Katambah nu makèna gè geus ngurangan. Teu ngabibisani kuring gè, jigana aya ogè pangaruh nu disababkeun mingkin nyirorotna ahli seni Sunda, hususna widang karawitan gamelan  da mangsa kuring keur sakola di SMP mah guru kesenian tèh ngawajibkeun siswana bisa maènkeun alat musik suling. Tangtu waè diajarkeun ku guruna, atuh sabataè lumayan kungsi bisa niup suling bari bener maènkeunana, boh siswana boh siswina.
Mangsa kiwari, teu sakabeh sakola miboga guru nu bener-bener bisa ngajarkeun alat-alat musik tradisional, kaasup sakola kuring, hirup sotènan gamelan, alatan Pa Doddy resep kana seni Sunda tur bisa maènkeunana, sanajan anjenna guru matematika. Atuh kuring milu ngajejeran deuih, bari milu diajar, bari ngasuh barudak, anu geuning miluan eskul karawitan mah bisa diitung, kurang leuwih 20 urang.
Pa Doddy teu loba pesen sulingna, ukur 2 siki, suling ukuran 57 jeung ukuran 54. Kuring kakara harita nempo cara nu nyieun suling. Bubuhan ku ahlina, suling 2 tèh anggeus dina waktu ngan 15 menit. Ti mimiti ngukur, ngaliangan, nyurupkeun, ngahampelas, nepika jadi genaheun sorana.
Tadina mah rèk pesen sasèt, nu lobana 7 suling, tapi cenah kudu pesen ti anggalna, tur rada lila, lain masalah hèsè nyieunna, tapi ku hèsè tèa bahanna, nu matuh ngirim awi tamiang tèh ayeuna mah ti pameungpeuk  Garut, baheula mah loba nu ngirim. Aya ti daèrah Patrol Cikadongdong, Pasir Angsana Rèndè, jrrd.
Rèngsè mayar mah, kuring amitan bari teu poho nyumangetan Pa Toto saparakanca sangkan sumanget nyanghareupan panèka jaman anu geus saeutik-saeutik ninggalkeun kana kabutuh ayana suling. Sora  suling anu halimpu tèh lalaunan jadi silung, sumbang, alatan pada naringgalkeun.
Kuring jadi inget kana sisindiran nu mangrupa rarakitan, anu dikarang jaman baheula, ayeuna kabuktian, anu unina kieu:

kumaha suling kumaha suling,
Suling tèh beut silung baè,
Kumaha kuring-kumaha kuring,
Kuring tèh beut bingung baè.

Cag!
#Cpd, 23022019
ed.bgs

Komentar

Postingan populer dari blog ini

LEUNGIT BASANA, ILANG BANGSANA