Sunda Digjaya Lamun Bahasana Dipiara

Dina raraga mièling Poè Basa Indung sa-Dunya, MGMP BASA SUNDA KBB, gawè bareng Disdik KBB, ngayakeun Pelatihan Kawih Barudak, di Aula Ramayana Padalarang.
oleh : Neneng R. Agustini, S.Pd
Sampurasun,
Dinten ieu ping 21 Fébruari ku UNÉSCO tos ditetepkeun minangka dintenan "miéling basa indung sadunya".
Tangtos pikeun urang Sunda mah basa indung téh basa Sunda.
Saur karuhun urang, "Basa téh cicirèn bangsa." Tegesna, disebat ayana urang Sunda téh lantaran aya basana.
Cobi pami basa Sunda tos teu kareungeu aya nu nganggo, naha tiasa diangken aya kénéh kitu urang Sunda?
Jalaran éta, dina sagala kasempetan, sim kuring umajak, hayu urang nyarios ngagunakeun basa Sunda (badé lepat badé leres, ulah mangmang, anu penting nyarios ku basa Sunda).
Pami teu kaabotan, panuhun ieu seratan disebarkeun, sakirang-kirangna, ka 10 rerencangan.
Mugi urang Sunda masih tiasa makalangan.
Aamiiin.. (ed.bgs)
Komentar
Posting Komentar