Maca Majalah Manglé
Maca Majalah Manglé Di SMPN 4 Cikalongwetan Dina Raraga Miéling Poe Basa Indung.
Ku: Endang Wahyu Widiasari
Ngawulang Di SMPN 4 Cikalongwetan.
Smp4ckw: Asa ku bingah dinten ayeuna kaping 21 Pebruari 2019 énjing-énjing sim kuring tuturubun mios ti bumi rada shubuh kénéh. Dugi ka pun lanceuk rada heran, saurna “aya naon Bu, angkat subuh kénéh ?” sim kuring ngawalér , “Badé nepangan Kang Awal tukang poto kopian langganan sakola, kamari saurna mesin potokopina réksak, Kang Awal janji badé masihkeun poto kopian tabuh 6 énjing-énjing”. Ngahaja dinten ayeunamah sim kuring nyiapkeun sarapan rada subuh kénéh, margi badé janjian sareng Kang awal.
Bacaan anu dipotokopina nya éta artikel ku bahasa Sunda, margi buku bahasa Sunda mung aya sakedik di Sakola. Kanggé nyukseskeun kegiatan maca buku sasaréngan sasih ayeuna. Sim kuring oge nyandak Majalah Manglé ti bumi seeurna aya 70 eksemplar. Alhamdulillah salami ieu pun lanceuk sok rajin langganan Majalah Manglé.
Sanaos mios ti bumi mah ngahaja nyubuh, tapi pas kékétrok ka Mang Awal, eh geuning teu acan dipoto kopi. Saurna masih aya kareksakan dina mesin poto kopina, nya kapaksa wéh sim kuring ngantosan bari maca majalah Manglé. Anu dipikaresep ku sim kuring nya éta palebah barakatak, sok asa kahibur ari maca kolom barakatak téh, sakapeungmah sok gumejeung nyalira. Ah pokoknamah resep wéh.
Sadugina di Sakola duh asa hanjakal, margi kegiatan sholat dhuha tos réngsé, sok asa handeueul pami teu ngiring sholat dhuha sasaréngan di sakola téh. Aya rasa bingah anu kacida ageungna pami ngiring kegiatan sholat dhuha sareng réréncangan ogé saréng murangkalih.
Katinggal réréncangan nuju mateahkeun murangkalih kanggé maca buku sasarengan. Teras potokopi bahasa Sunda, Malajah Manglé saréng buku anu dicandak tadi di bagikeun ka murangkalih, di bimbing ku sadaya Dewan Guru.
Kegiatan maca buku sasaréngan di pandu ku Pak Jajang Abdurrahman. Pak Jajang nerangkeun yén dinten ayeuna teh Miéling Basa Indung Sadunya. Bade ku saha deui bahasa Sunda di mumulé pami sanés ku urang sadayana?. Basa teh cicirén bangsa, mung leungit basa leungit oge bangsana, kitu saur Pak jajang, téh.
Maca 40 menit sasaréngan dikawitan ku pamapag ti Bapak Kepala Sekolah, Anjena miharep kegiatan Miéling Poe Basa Indung tiasa ngageuing rasa cintana urang ka Basa jeung Budaya Sunda.
Sadaya warga sakola ngiring aub dina kegiatan maca sasarengan salami 40 menit. Kadang réréncangan maca bari seuseurian, da éta anu dibacana Majalah Manglé pas lebah barakatak. Teu karaos 40 menit asa sakedap, teras wéh kegiatan dilajeungkeun ku presentasi eusi buku. Aya 3 wawakil ti guru anu ngaguar eusi buku, nya éta Bu Endang Wahyu Widiasari, Bu Sri Utami Rahmawati sareng Pak Asep Burhanudin, anu katelah Pak Mr ku barudak mah, Pedah anjéna ngawulang Bahasa Inggris, tapi sanaos sadidinten nyarios nganggé Bahasa Indonesia, dina dintén ayeuna mah husus kedah nganggé bahasa Sunda. Presentasi eusi carita anu dibaca ditambih ku 4 siswa, nya éta Silvi, Putri, Yogi sareng Neng Lilis.
Presentasi eusi buku nganggé bahasa sunda, geuning hésé-hésé gampang, padahal mah unggal dinten nganggé Basa Sunda, tapi pas ngajelaskeun eusi buku ku basa sunda mah rada sésah, sareng sok diseungseurikeun ku murangkalih, da éta lépat ngocapkeunna.
Saatos kegiatan presentasi ku basa sunda kagiatan dilajengkeun ku nerapkeun daun geulis dina pohon geulis sasaréngan. Dipimpin ku Bapak Kepala Sekolah, ditéraskeun ku guru-guru saréng sadaya siswa. Anu disérat dina daun geulis sanés ringkesan eusi carita anu di baca tapi cita-cita sareng naon baé anu badé dilakukan kanggé ngamumulé Basa Sunda.
Kegiatan maca sasarengan dinten ayeuna asa bénten sareng biasana, ku sasaréngan maca nganggé basa sunda jantén langkung mikacinta ka Basa sareng Budaya Sunda.
Hayu urang ngamumulé bahasa sunda, basa indung urang sadayana. ed.bgs

Komentar
Posting Komentar