LEUNGIT BASANA, ILANG BANGSANA

LEUNGIT BASANA, ILANG BANGSANA

Ku: Nènèng R. Agustini
( SMPN I CIPEUNDEUY)

Nitènan panèka jaman, loba pisan parobahan, boh tèknologi, boh èkonomi, boh sosial, boh budaya, kaasup pulitik.
Narekabna kamajuan teknologi gedè pisan pangaruhna  kana sagala rupa kahirupan sosial, nepika hèsè ngabèdakeun jalma miskin jeung jalma nu kacukupan, boh tina papakèan boh tina gaya hirup.
Narekabna tèknologi ogè mangaruhan kana kaayaan makèna basa, boh basa daèrah boh basa Indonèsia.
Ieu hal tangtu mangaruhan ogè kana tumuwuh jeung mekarna basa anu nyirorot. Dina nyarita geus teu makè aturan kabahasaan, padu komunikatif, nu penting batur ngarti kana naon nu keur dicaritakeun.
Basa Indonèsia, salaku basa nasional, nepika di sakola mah jumlah jam pelajaranana gè 6 jam, tangtu pamarèntah miboga maksud anu hadè, sangkan rahayat Indonèsia nyangkem basa nasionalna kalawan daria nurutkeun aturan anu lumaku ngaliwatan dunya atikan nyaèta lembaga sakola. Teu ngabibisani, sagala tarèkah mah geus cumpon, ngan balik deui ka pamakè basana, da geuningan nu dipakè mah angger wè basa nu kapanggih di lingkungan luareun sakola, nepika dibawa ogè jadi gunem catur di lingkungan sakola.
Pon kitu deui basa sunda, anu kaasup basa indungna urang Sunda, sèkè sèlèr nu nyicingan wewengkon provinsi Jawa Barat, basa karuhun, nu kudu dipusti-pusti ku ahli warisna, sangkan basa sunda teu tumpur, teu leungit, luyu jeung paribasa " Basa tèh Cicirèn Bangsa", hartina disebut urang sunda sabab aya basana. Urang Batak makè baju adat Sunda, can tangtu disebut urang Sunda, lamun teu bisa nyarita dina basa Sunda. Basa, lamun diibaratkeun kana kaayaan awak mah minangka sirahna. Hiji jalma bisa disebutkeun ngaranna lamun geus katempo beungeut atawa sirahna.
Kumaha kaayaan basa Sunda kiwari? Matak ketir, urang sunda geus mimiti ninggalkeun basa warisan karuhun dina gunem catur sapopoè, rupa-rupa nu jadi alesanana mah, diantarana:
1. Basa Sunda basa kampungan.
2. Jaman tèknologi, geus teu jaman makè basa sunda.
3. Ayana pertikahan campuran antar daerah, makè basa Sunda jadi teu nyambung.
4. Sieun salah larapna lamun makè basa sunda.
5. Cicing di perumahan anu hètèrogèn kaayaan tatanggana, jadi teu komunikatif, jrrd.
Lamun urang gugon kana alesan-alesan di luhur, mangga...antosan baè basa sunda baris tumpur dina waktu nu moal lila deui, isuk jaganing pagèto.
Alesan-alesan di luhur, kaharti pisan, tapi salaku ahli waris nu kudu ngamumulè basa ti karuhun, urang kudu bisa narèkahanana, misalna waè dibiasakeun di lingkungan rumah tangga urang sunda mah gunem catur tèh makè basa sunda, salaki jeung pamajikan, indung - bapa jeung anak- anakna, aya tatangga anu sarua urang Sunda, nyarita makè basa sunda, nyieun komunitas husus urang Sunda, boh senina boh adat istiadatna terus dipiara.
Kacontoan ku sababaraha basa deungeun nu geus leungit, tumpur alatan ditinggalkeun, teu dipiara, teu dipakè deui ku pamakè basana, atuh bangsana gè teu kapaluruh.
Conto-conto basa nu geus ditinggalkeun ku pamakèna tur teu kapaluruh deui dimana dumuk sèkè sèlèrna ayeuna, diantarana:
Basa Romawi, Basa Latin, Basa Kawi, Basa Sansekerta, geus moal manggih deui dimana ayana, sabab basana geus teu dipakè, masih wanoh  sotèh kapanggih masih aya dipakè dina istilah-istilah ilmiah.
Ku kituna, urang salaku sèlèr bangsa Sunda anu kaasup sèkè sèlèr gedè, kudu terus narèkahan sangkan sunda tetep aya, sunda digjaya di buana, sunda tandang makalangan. Lamun embung bangsa sunda tumpur, hayu urang piara basana, tong sieun salah nyarita makè basa sunda, urang diajar bener ti nu salah.
Basa Sunda tèh kaasup basa indung, hartina basa nu wajib diwanohkeun ku hiji indung ka anakna tibarang gubrag ka dunya.
Mugia Alloh SWT salawasna nangtayungan ka urang sunda dina enggoning ngamumulè basa sunda warisan karuhun, ulah nepika jati kasilih ku junti, urang sunda kudu boga tèkad, sumanget pikeun nanjeurkeun basa sunda.

Gusti, nu murbèng alam , pangèran abdi sadaya, mugia Sunda ulah nepika...         LEUNGIT BASANA ILANG BANGSANA.
Aamiin Yaa Robbal 'alamiin.
Cag!

( Dina raraga Mièling Poè Basa Indung Sadunya, 21 Pèbruari 2019) ed.bgs

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Laporan Lalampahan.