LALANGSÈ

LALANGSÈ

karya : Neneng R.A


Wanci teu karasa nyèrèlèk
Muru waktu anu tangtu
Sadami demi sadami dilakonan
Anjeun tetep nembongan

Kalangkang anjeun aya dina paneuteup
Sora anjeun aya dina pangrungu
Rasa  ka anjeun aya dina r
ènghapan
Tapi...jirim anjeun lain nu kuring

Raga anjeun tilem tina paneuteup
Sora anjeun marengan pangrungu
Asih ka  anjeun keukeuh nyaliara dina rasa
Sagemblengna...jadi panineungan

Salawasna jadi lalangs
è
Dina kahirupan kuring
Rasa nu teu wel
èh ngancik
Nyaliara dina diri....
Kudu Kasaha kuring tumanya......?


edpost (bgs)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

LEUNGIT BASANA, ILANG BANGSANA

Laporan Lalampahan.